Selasa, 28 Januari 2014

autobiografi tugas BAHASA SUNDA


RIKA NOVIALITA
Tepangkeun nami abdi Rika Novialita putri ti bapa Gunawan sareng ibu Maryanah. Kuring lahir tina dinten rebo kaping 17 juli 1996 ti tujuh padudulur. Kuring kaasup anu tengah, gaduh raka tilu anu ka hiji Yulianti anu parantos nikah, anu ka dua Rani Andriani anu nuju ngabereskeun s1 Fakultas Computer di bangku kuliahan Gunadarma, sareng anu ka tilu Nurhalimah anu sami nuju kuliah di Universitas Pamulang semester ka 5. Kuring gaduh 3 pun adi anu kahiji Dendi Rahmatullah kelas 3 smp, Nurul Azmi kelas 6 SD sareng Kamilah Maulidia anu calik di kelas 3 SD.
Pangalaman nyuprih elmu kapungkur kuring lebet SD taun 2003 sami wae sareng murid anu sanes salami 6 taun nyaeta di SDN MEKARSARI anu ayana di cibodas, lulus SD taun 2009 kuring neraskeun ka sakola MTs BINA BANGSA anu ayana di Cikawung-Nyalindung . Di eta sakola kuring seeur ngiring kagiatan naon bae dina rupa rupa organisasi. Taun 2012 kuring lulus ti eta sakola sareng meunang sesebut lulusan terbaik ka II.
Kuring neraskeun sakola ka MA BINA CENDEKIA anu masih saYAYASAN sareng MTs BINA BANGSA kengeng 2 bulan teras kuring pindah ka PONDOK PESANTREN MODERN WALISONGO anu ayana di PONOROGO JAWA TIMUR, didinya kuring kengeng 3 bulan tapi Alhamdulillah pernah kengeng santri juara umum anu ngabereskeun soal asal muasal pondok kuring juara ka 1. Semester ka II kuring mulih ka sakola asal yakni ka MA BINA CENDEKIA. Teras kuring pindah sakola deui ka SMK CIMAHI asup kana JURUSAN TKJ anu ayana di Karadenan Cimahi. Kuring ayeuna tos kengeng sasemester , Alhamdulillah kuring juara ka IV. Kamari kuring ngiringan PSG anu tempatna di MILLENIUM COMPUTER Sukabumi Alhamdulillah parantos rengse sareng kengeng sertifiktna

Pangalaman organisasi Kuring seeur boh salila SMP atanapi SMP di antawisna
·         Sekretaris OSIS
·         Ketua pramuka osis
·         Ketua Kegiatan PKSTD
·         Ketua Keputrian
·         Humas Pemilihan Ketua Osis
·         Juri Pramuka Dina Kagiatan Future Detection
·         Peserta seleksi JAMNAS 2011
·         Sareng sanesna deui

Kuring oge tara katingaleun janten juara sapertos :
·         JUARA II lulusan terbaik
·         Juara II dakwah TINGKAT kecamatan
·         Juara nilai terbaik mata pelajaran SKI nilaina 8,9
·         JUARA MTQ tingkat kecamatan ka II
·         Juara busana terbaik ngawakilan jawabarat di acara khutbatul iftitah di walisongo jawatimur
·         Juara II ngadongeng ngawakilan jawabarat di acara khutbatul iftitah di walisongo jawatimur
·         JUARA BERTAHAN I di MTs BINA BANGSA
·         Sareng sanesna deui

Tah eta saalit biografi tentang simkuring pamuga tiasa janten conto sae kanu sanesna. Aamiiin J